Wikipedia:Ngeunaan

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Luncat ka: pituduh, sungsi

Wikipédia téh énsiklopédi nembrak, nu ditulis réréongan ku jalma-jalma ti sakuliah dunya. Lokana mangrupa wiki, nu ngandung harti sing saha waé bisa ngédit artikel cukup ku ngaklik menu édit. Wikipedia teh mangrupa mérk kagungan Wikimedia Foundation, Inc.

Sajarah Wikipédia[édit]

Pikeun leuwih jéntré ngeunaan jejer ieu, mangga tingal Sajarah Wikipédia.

Statistik[édit]

Pikeun leuwih jéntré ngeunaan jejer ieu, mangga tingal Wikipédia:Statistik.

Nu icikibung di Wikipédia ieu aya puluhan rébu kontributor, ngagarap leuwih ti jutaan artikel dina leuwih ti saratus basa. Nepi ka poé ieu, geus aya 18.374 artikel basa Sunda; unggal poéna aya ratusan rébu urang nu muka Wikipédia ti sakuliah dunya, aya nu ngédit, aya nu nyieun artikel anyar, ogé nu ngaropéa artikel-artikel di ieu énsiklopédi. Taya watesan pikeun nu rék ilubiung, éstu pikeun sakabéh lapisan masarakat sarta sakabéh lapisan umur (tingal Wikipédia:Kontributor Wikipédia).

Sadaya kandungan Wikipédia ditangtayungan ku Lisénsi Dokumén Bébas GNU (GFDL). Sagala kontribusi tetep mangrupakeun kagungan nu ngarangna, sedengkeun GFDL ngajamin sangkan eusina tetep bébas pikeun disebarkeun/didistribusikeun sarta dilobaan (tingal émbaran hak cipta jeung bantahan eusi pikeun leuwih lengkep).

Nyungsi Wikipédia[édit]

Loba nu datang ka ieu loka pikeun nyungsi jeung/atawa babagi pangaweruh. Sacara instan, artikel-artikel téh sakaligus pada diropéa. Anjeun bisa ningali béréndélan parobahanana dina kaca Nu anyar robah. Artikel anyar ogé aya catetanana. Jalma-jalma nu kasang tukangna béda-béda mantuan Wikipédia nulis rupa-rupa artikel.

Wikipédia ogé mibanda sababaraha proyék sawargi. Harepan ti para kontributor taya deui iwal ti ku hayang nyadiakeun embaran nu aya mangpaatna tur akurat keur nu sejen, sarta dina hal ieu proyek ieu ngabantuan pikeun ngoordinasikeun tarekah-tarekah ieu. Kalolobaan artikel dimimitian ku artikel taratas heula, tapi sanggeusna loba kontribusi, artikel eta bisa jadi artikel petingan.

Lamun anjeun neangan embaran nembrak ngeunaan hiji subjek tapi hentu manggihannana dina Wikipedia, anjeun bisa mundut dijieunna eta artikel atawa nanyakeunnana dina kaca sawala. Anjeun oge bisa mutuskeun keur ningali artikel acak.

Kontribusi[édit]

Sing saha waé bisa nyumbang tulisan kana Wikipédia ku jalan ngaklik tab édit. Pikeun téhnisna, mangga lenyepan tutorial jeung kawijakan jeung tungtunan, ogé kaca pagbagéa.

Behind Wikipedia[édit]

Wikipédia migunakeun software Wikipedia:MediaWiki, program open-source nu dipaké di sakabéh proyék Wikimedia.

Hardware nu ngarojong rupa-rupa proyék ieu nyaéta kira 100 server nu disimpen di sababaraha hosting center di sakuliah dunya. Kanggo daadaran leuwih lengkep tiasa ditingal di m:Wikimedia_servers.

Pikeun émbaran téhnis ngeunaan Wikipédia, mangga tingal NLD Téhnis.

Cara nepangan anggota proyék[édit]

Mun anjeun perlu émbaran nu leuwih lengkep, tempat kahiji nu perlu dijugjug nyaéta Wikipédia:Pitulung. Pikeun nepungan salasaurang kontributor nu aya, mangga serat pesenna dina kaca obrolan. Tempat baku pikeun naroskeun ngeunaan kawijakan-kawijakan jeung hal-hal lianna nu patali jeung proyék nyaéta di Wikipedia:Sawala jeung milis Wikipédia (pikeun Wikipédia vérsi basa Sunda mah can aya milisna). Anjeun ogé bisa nepangan Wikipédiawan via IRC jeung instant messenger.

Aya ogé meta-Wikipedia, loka pikeun koordinasi proyék-proyék Wikipédia (sarta sawala ringkes ngeunan kawijakan jeung kagiatanana).

Pikeun béréndélan leuwih lengkep, mangga buka en:Wikipedia:Contact us.

Pamendak & kaabotan[édit]

Seueur nu resep icikibung di dieu téh, mangga tinggalan artikel-artikel kapunjulan Wikipédia, jawaban pikeun nu kaabotan jeung nu lianna.

Vérsi basa séjén[édit]

Indonésia • Acéh • Banjar • Banyumasan • Bugis • Jawa • Melayu • Minangkabau • Tétun

Leuwih ti 500.000 artikel: English • Deutsch • Français • Italiano • Polski • Español • Русский • 日本語 • Português

Daptar lengkep – Koordinasi multibasa


Proyék sawargi[édit]

Wikipédia mangrupa hiji énsiklopédi bébas nu diasuh ku Yayasan Wikimédia tanpabati nu ngajalankeun sababaraha proyék wiki multibasa nembrak:

Tempo ogé Wikipédia:Édisi citak