Barack Obama

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Luncat ka: pituduh, sungsi
Barack Husein Obama II
Présidén Amérika Sarikat ka-44
Incumbent
Awal jabatan
20 Januari 2009
Wakil Presiden Joe Biden
Saméméhna George W. Bush
Katerangan lian
Gumelar 4 Agustus 1961 (1961-08-04) (yuswa 54)
Honolulu, Hawaii
Kabangsaan Amerika
Partéy pulitik Demokrat
Pameget/istri Michelle Obama

Barack Hussein Obama II (ejaan Inggris: [bəˈrɑːk hʊˈseɪn oʊˈbɑːmə]; babar di Honolulu, Hawaii, 4 Agustus 1961; umur 48 tahun) téh Presidén Amérika Serikat nu ayeuna ngajabat Presidén Amerika Serikat nu ka-44. Barack ngajabat ti 20 Januari 2009 ngaganti George Walker Bush. Saméméhna, Obama téh Sénator Junior ti nagara bagian Illinois, nu saterusna meunang dina Pemilu Presidén 2008 kaping 4 Novémber 2008. Dina taun 2009, Obama kasinugrahan Pangajén Nobel Perdamaian kusabab mromosikeun diplomasi internasional pikeun ngungkulan pasualan-pasualan internasional.

Obama téh katurunan Afrika-Amerika mimitu anu ngajabat Presidén Amerika Sarikat sabada saméméhna ogé jadi katurunan Afrika-Amerika munggaran anu dicalonkeun jadi presidén ku partéy pulitik gedé di Amérika.[1] Lulusan ti Universitas Columbia jeung Sakola Hukum Universitas Harvard; di kampusna, Obama nyekel kalungguhan jadi presidén Harvard Law Review. Obama digawé jadi koordinator masarakat jeung ngajabat jadi pangacara hak sipil saméméh jadi Senat Illinois tilu kali ti mimiti 1997 nepi ka 2004. Obama ngajar hukum konstitusional di Sakola Hukum Universitas Chicago ti mimiti 1992 nepi ka 2004. Sanggeus gagal meunangkeun korsi di Déwan Perwakilan AS taun 2000, manéhna ngumumkeun kampanyeuna minangka Sénat AS bulan Januari 2003. Sanggeus meunang dina bulan Maret 2004, Obama nepikeun biantarana dina Konvénsi Nasional Demokrat Juli 2004. Manéhna kapilih jadi Senat dina bulan November 2004, meunangkeun 70 persén sora.

Minangka anggota minoritas Demokrat dina Kongrés ka-109, manéhna mantuan nyieun undang-undang nu ngatur pakarang konvensional tur mromosikeun akuntabilitas publik dina ngagunakeun dana federal. Manehna oge ngalakukeun perjalanan resmi ka Eropa Wetan, Timur Tengah, sareng Afrika. Dina Kongres ka-110, manehna ngabantu nyusun UU kanggo lobi sareng kacurangan pemilihan, parubahan iklim, terorisme nuklir, sareng perawatan kanggo personel militer AS nu mulang. Obama ngumumkeun kampanye presidenna sasih Februari 2007, teras dicalonkan dina Konvensi Nasional Demokrat 2008 sareng senator Delaware, Joe Biden nu janten pasangan kampanye. Dina kaping 4 November 2008 Barack Obama sukses ngelehkeun musuhna senator John McCain ti partey Republik teras janten presiden Amerika ka 44 sareng janten jalmi kulit hideung pertama nu janten presiden Amerika Sarikat.