1915 - Pausahaanfarmasi kawentar ti Jerman, Bayer, nyieun aspirin dina wangun tablét, sanggeus saméméhna dunya kadokteran ngagunakeun wangun puyer. Felix Hoffman, ahli kimia Jérman, nu digawé di Bayer, manggihan formula pikeun ubar éta nu satuluyna dingaranan Aspirin, ubar pikeun ngaleungitkeun rasa kanyeri nu pangkawentarna di dunia.
1916 - Getih mimiti geus bisa diteundeun tur ditiiskeun bisa digunakeun pikeun transfusi darah. Transfusi nu lumangsung kalawan suksés ieu téh dipigawé ku The Royal Army Medical Corps (R.A.M.C), nu geus ngalakukeun uji coba ti taun 1913.