Urang Éropa, nu teu sadar kana legana Érasia, sacara tradisional nganggep yén Éropa jeung Asia téh mangrupa buana nu misah, kalayan garis pamisahna aya di sapanjang Laut Aegea, Dardanelles, Bosphorus, Laut Hideung, Pagunungan Kaukasus, Laut Kaspia, Walungan Ural, jeung Pagunungan Ural, sarta istilah ieu geus nyebar ka sakuliah dunya, padahal Asia miboga sababaraha wewengkon jeung budaya nu lega jeung loba pangeusina siga Éropa, sarta loba deui nu béda jeung misah sacara géografis siga Éropa téh. Tina persféktif modéren, buana nu sabenerna mah kurang alesan pikeun diaku yén misah nyaéta Éropa, sarta dina dina widang élmu pangaweruh mah leuwih dipikaresep pikeun ngahijikeun Éropa jeung Asia jadi sabuana, nyaéta Érasia.
Jared Diamond, dina bukuna Guns, Germs, and Steel, nyatet dominansi Érasia dina sajarah dunya nu ngalegaan ka kulon wétaneun Érasia jeung wewengkon iklimna, sarta ayana sasatoan jeung tutuwuhan Érasia nu cocog keur doméstikasi.
Jalan Sutra ngalambangkeun patukeurna perdagangan katut budaya nu numbukeun budaya-budaya Erasia ngaliwatan sajarah tur geus ngajadi hiji jejer nu beuki kasohor. Dekade-dekade terahir ieu satuluyna geus mawa sawangan ngeunaan sajarah Erasia, nu nyieun hubungan genetik, budaya, andjeung linguistik antara budaya kuna Eropa jeung Asia, nu geu lila dipikirna beda.
Eurasia kawangun 375 tepi ka 325 millionyuta taun katukang. Kawangun nalika Siberia (tadina buana bebas), Kazakhstania, jeung Baltica (nu ngahiji jeung Laurentia (kiwari Amerika Kaler) ngawangun Euramerika) ngahiji. Craton China patabrak jeung basisir kidul Siberia.