Jepang

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Luncat ka: pituduh, sungsi
日本国
Nippon-koku

Japan
Bandéra Japan Imperial Seal Japan
Bandéra Imperial Seal
Lagu: Kimi ga Yo (君が代?)

Lokasi Japan


Ibukota Tokyo1
35°41′N 139°46′E
Kota panggedéna capital
Basa resmi Basa Jepang
Pamaréntahan Demokrasi Parlementer jeung Monarki Konstitusional
 - Kaisar Akihito
 - Perdana Mentri Yoshihiko Noda
Formation  
 - National Foundation Day 11 Pébruari, 660 BC3 
 - Meiji Constitution 29 Nopémber 1890 
 - Current constitution May 3 1947 
 - Treaty of
San Francisco

28 April 1952 
Wewengkon  
 - Total {{{area}}} km² (62nd)
  {{{areami²}}} sq mi 
 - Cai (%) 0.8
Populasi  
 - Perkiraan taun 2007 127,433,494 (10th)
 - Sénsus taun 2004 127,333,002
 - Kapadetan {{{population_density}}}/km² (30th)
{{{population_densitymi²}}}/sq mi 
GDP (PPP) 2006 (éstimasi)
 - Total $4.220 trillion2 (3rd)
 - Perkapita $33,1002 (12th)
HDI (2007) Green Arrow Up Darker.svg 0.953 (8th) – high
Mata uang International Symbol ¥ Pronounced (Yen)
Japanese Symbol Pronounced (En)


(JPY)

Wewengkon wanci JST (UTC+9)
Internét TLD .jp
Kode telepon +81

Jepang (Nippon/Nihon 日本 kupingkeun  nyaeta salah sahiji nagara pulo di Asia Wetan. Ayana di Samudera Pasifik, wates beulah wetan China, Korea jeung Rusia, sumebar ti mimiti Laut Okhotsk di kaler nepi ka Laut Cina Wetan di kidul. Kanji nu nyieun ngaran Jepang hartina "asal-panonpoe", ku sabab Jepang kadangkala dianggap sabage "Taneuh tempat bijil panonpoe".

Jepang kasusun ku 3,000 pulo-pulo,[1] numana pulo-pulo gedena nyaeta Honshū, Hokkaidō, Kyūshū jeung Shikoku, nu mangrupa 97% daratan. Lolobana ieu pulo kasusun ku pagunungan, tur masih gunung seuneu; contona, gunung pangjangkung di Jepang, Gunung Fuji, is a volcano. Jepang nomer sapuluh populasina di dunya, kira-kira 128 juta jiwa. Wewengkon Megapolitan Tokyo, nu ngawengku ibukota Tokyo jeung préféktur sabudeureunna, wewengkon metropolitan panggedena sadunya, leuwih ti 30 juta penghuni.

Panalungtikan Arkeologi nembongkeun yen kahirupan di pulo-pulo Jepang geus aya dina perioda Paleolithic Luhur. Dumasar kana catetan ngeunaan Jepang dina buku sajarah Sajarah China ti abad kahiji SM.

Pangaruh luar nu diteruskeun ku periode isolasi nu panjang ngarupakeun salah sahiji ciri sajarah Jepang. Saprak make konstitusi dina taun 1947, Jepang ngagunakeun konstitusi monarki nagara bagean ku ayana kaisar jeung parlemen nu dipilih, Parlemen Jepang.

Kakuatan ekonomi utama,[2] Jepang nomer dua ekonomina dumasar kana gedena GDP. Jepang oge anggota PBB, G8, G4 jeung APEC, sarta no lima anggaran pertahananna. Jepang oge nome opat nagara nu ekspor sarta nomer genep nagara nu impor sarta mingpin dina teknologi jeung permesinan.

Ngaran Asli[édit | édit sumber]

Dina Basa Jepang kecap Jepang nyaeta Nippon atawa Nihon. Duanana ditulis dina karakter kanji nu sarua. Basa Jepang Nippon dipake keur kaperluan resmi, kaasup duit, cap, sarta kagiatan olahraga internasional. Nihon leuwih sederhana dipake di Jepang. Contona, urang Jepang nyebut manehna Nihonjin sarta basana Nihongo: hartina "Urang Jepang" sarta "Basa Jepang". Di Jepang ayeuna, Nippon leuwih nasionalis, sarta dipake ku para kokolot, sabalikan watesan Nihon dina watesan sederhana, sarta dipake ku sabagean gede urang Jepang.

Dina Basa Inggris kecap Jepang asalna ti kulon keur mimiti rute dagang. Dina Cina Mandarin kecap Jepang mimiti dipake ku Marco Polo nyaeta Cipangu. Sanajan kitu, dina Basa Kanton kecap keur Jepang, kamungkinanna ngarupakeun kecap mimitiJapan, nyaeta Jatbun. Dina Basa Melaya kecap Kanton ieu jadi Japang nu saterusna dipake ku Bangsa Portugis nu dagang di Malacca dina abad ka-16. Ku sabab kitu padagang Portugis dianggap nu mimiti ngenalkeun kecap Jepang ka Eropa. Mimiti dipake dina Basa English dina taun 1577, dibacana Giapan.

Dina Basa Inggris, ngaran nagara sacara resmi nyaeta "Japan". Samemehna, ditulis lengkep nyaeta "Empire of Japan" tapai saterusna robah dumasar kana konstitusi sanggeus perang. Basa resmi Jepang nyaeta Nihonkoku (日本国), nu hartina "Nagara Jepang."

Sajarah[édit | édit sumber]

Artikel Utama: Sajarah Jepang

Hasil panalungtikan arkeologi nunjukkeun yen di Jepang geus aya kahirupan samemeh 500,000 taun katukang, salila periode Paleolitik Handap. Salila zaman es dina sababara milyar taun, Jepang ngahiji jeung Benua Asia ku ayana jembatan pulo (mimiti Sakhalin di kaler, sarta mungkin nepi ka Kyushu di kidul), nu ngagampangkeun pindahna manusa, sato jeung tutuwuhan ka kapuloan Jepang ti wewengkon China jeung Korea ayeuna.

Tanda-tanda kahirupan sosial dimimitian kira-kira 10,000 SM (Samemeh Masehi) ku budaya Jōmon, dicirikeun ku robahna tina mesolithic ka neolithic tina kahirupan moro kana kahirupan nu netep jeung mimiti apal kana tatanen. Benang acan kapanggih sarta baju masih make tina kulit kai. Kira-kira dina jaman ieu, masarakat Jomon mimiti nyieun guci tina taneuh liat, make hiasan nu nembongkeun ayana anyaman atawa henteu (Jōmon hartina "pola tali nu dianyam"). Kamungkinan, keramik pangkolotna kapanggih di Jepang, sanajan umurna teu bisa ditangtukeun.

Loba nu percaya, yen Ainu, bangsa pribumi Jepang nu tumetep di Hokkaido, ngarupakeun katurunan Jōmon tur nunjukkeun penduduk Jepang nu mimiti.

Pamarentahan jeung pulitik[édit | édit sumber]

Crystal Clear app xmag.svg
 Artikel utama: Pamarentah Jepang jeung Pulitik Jepang.

Japan nyaeta nagara konstitusi monarki numana kakuatan kaisar kawates kacida. Salaku simbol seremoni, kaisar dianggap salaku konstitusi "simbol nagara jeung ngahijina masarakat". Kakuatan aya dina pingpinan Perdana Menteri Jepang sarta anggota Wakil Rakyat, sedengkeun kakawasaan aya di masarakat Jepang.[3] Kaisar salaku kapala nagara dina hubungan diplomatik. Akihito nyaeta kaisar Jepang kiwari. Naruhito, Putra Mahkota Jepang, gaganti Akihito saterusna.

Préféktur[édit | édit sumber]

Di Jepang aya 47 perfektur. Perfektur ngarupakeun bagian administrasi panggedena. Unggal perfektur ngalaksanakeun pamilihan gubernur jeung legislatif tur biro administrasi.

Perfektur ilahar kabagi kana wewengkon. Wewengkon ieu lain bentuk formal, teu pakait jeung pamilihan tur administrasi.

Di handap ieu tabel nu ilahar dipake numana perfektur diruntuykeun dumasar kana wewengkonna ti kaler ka kidul.

Wewengkon Préféktur
Hokkaidō Hokkaidō
Tōhoku Akita, Aomori, Fukushima, Iwate, Miyagi, Yamagata
Kantō Chiba, Gunma, Ibaraki, Kanagawa, Saitama, Tochigi, Tokyo
Chūbu Aichi, Fukui, Gifu, Ishikawa, Nagano, Niigata, Shizuoka, Toyama, Yamanashi
Kansai Hyōgo, Kyoto, Mie, Nara, Osaka, Shiga, Wakayama
Chūgoku Hiroshima, Okayama, Shimane, Tottori, Yamaguchi
Shikoku Ehime, Kagawa, Kōchi, Tokushima
Kyūshū Fukuoka, Kagoshima, Kumamoto, Miyazaki, Nagasaki, Oita, Saga
Okinawa Okinawa

Propinsi saterusna dibagi kana kota, kacamatan jeung desa. Sistim ngaran nu beda aya di Kota Tokyo, nu dibagi kana 23 kota nu disebut kota husus (bagean luar tina 23 kota husus di Tokyo ngagunakeun watesan nu sarua keur kota, kacamatan jeung desa). Kota-kota (kaasup kota husus di Tokyo), kacamatan, jeung desa dipilih sacara resmi. Tambahanna, kota gede dibagi kana distrik kota-kota. Distrik kota, teu ngahiji sacara resmi.

Kota Préféktur Populasi[4]
1 Tokyoa   Tokyo 8,535,792
2 Yokohama Kanagawa   3,602,758
3 Osaka Osaka 2,635,420
4 Nagoya Aichi 2,223,148
5 Sapporo Hokkaidō 1,888,953
6 Kobe Hyōgo 1,528,687
7 Kyoto Kyoto 1,472,511
8 Fukuoka Fukuoka 1,414,417
9 Kawasakib Kanagawa 1,342,262
10 Saitama Saitama 1,182,744

a 23 municipalities. Also capital of Japan.
b Government Ordinance City only.

Geografi[édit | édit sumber]

Artikel Utama: Geography of Japan

Japan sea map.png

Jepang, ngarupakeun nagara kapuloan, manjang di beulah wetan Samudera Pafisik basisir Asia. Pulo gedena, ti kaler ka kidul nyaeta Karafuto (dina kakawasan Jepang: taun 1679-1875), Hokkaido, Honshu (pulo utama), Shikoku, jeung Kyushu. Mairuppo ngaleupaskeun Kapuloan Kuril ( dina Basa Jepang: 千島列島, Chishima Rettō) leuwih ti 800 km kaleureun Hokkaido; Naha di Okinawa di Kapuloan Ryukyu leuwih ti 800 km kaleureun. Tambahan sejenna, kira-kira aya 3,000 pulo leutik nu bisa kaitung ngajadikeun Jepang salaku nagara kapuloan tur leuwih lega. Kira-kira 73% ngarupakeun pagunungan, nu ngabentuk siga rante di unggal pulo utama. Gunung pangluhurna di Jepang tur kawentar nyaeta Gunung Fuji kira-kira 3,776 m. Oyakobayama, pangkalerna di Kapuloan Kuril, puncak-saljuna (2337 m) langsung kaluar di tengah laut.

Ekonomi[édit | édit sumber]

Crystal Clear app xmag.svg
 Artikel utama: Economy of Japan.

Hubungan gawe nu raket tur hade antara pamarentah jeung industri dina widang teknologi tinggi, merhatikeun dunya pendidikan dibandingkeun keur kaperluan pertahanan (1% tina GDP) ngajadikeun ekonomi Jepang hirup kalawan gancang sarta nagara nu kuat di sagigireun Amerika jeung Eropa.

Demografi[édit | édit sumber]

Crystal Clear app xmag.svg
 Artikel utama: Demographics of Japan.

Kahirupan urang Jepang sacara etnik jeung basa hampir sarua, populasi utama nu saeutik nyaeta Korea Kaler jeung Kidul (1 million), Okinawa (1.5 million), China jeung Taiwan (0.5 million), Filipina (0.5 million), sarta Brazil (250,000), sarta minoritas bangsa pribumi Ainu di Hokkaido. 99% masyarakat Jepang ngobrol make Basa Jepang dina kahirupan sapopoe sarta ngarupakeun basa indung. Tempo oge: Religions of Japan

Budaya[édit | édit sumber]

Crystal Clear app xmag.svg
 Artikel utama: Culture of Japan.

Budaya Jepang ngarupakeun hasil interaksi antara budaya Jomon nu kuat jeung sesana pangaruh budaya luar luar. Ciina jeung Korea nu mimiti mere pangaruh dina waktu budaya Yayoi kira-kira 300 SM. Mesir kuno jeung tradisional India dikombinasikeun dina Greco-Buddhism, mangaruhan kana seni jeung kapercyaan Jepang ti mimiti abad ka 6 M, dimekarkeun ku ngawanohkeun Mahayana Buddhism. Ti mimiti abad ka 16, mimiti asup pangaruh Eropa, sarta pangaruh dominan Amerika sanggeus Perang Dunya ka II.

Rujukan[édit | édit sumber]

  1. "Nihon Rettō". Daijirin / Yahoo Japan dictionary. Diarsipkan dari yang asli pada 23 Méi 2012. Diakses pada 7 Méi 2007. 
  2. Kesalahan pengutipan: Tag <ref> tidak sah; tidak ditemukan teks untuk ref bernama ciawfbjapan
  3. "The Constitution of Japan". House of Councillors of the National Diet of Japan. Éror: titimangsa teu valid. Diakses pada 10 Maret 2007. 
  4. "Japan—City Population". citypopulation.de. Diakses pada 1 Pébruari 2007. 

Bacaan saterusna[édit | édit sumber]

  • Conrad Totman, 2000. 'A History of Modern Japan. Blackwell Publishers.'
  • C.H. Kwan. 2001. 'Yen Bloc: Toward Economic Integration in Asia.' Brookings Institution Press.
  • Bernson, Mary Hammond and Elaine Magnusson, eds. MODERN JAPAN: AN IDEA BOOK FOR K-12 TEACHERS. MULTICULTURAL EDUCATION RESOURCE SERIES. Olympia, WA: Office of the State Superintendent of Public Instruction, 1984. ED 252 486.
  • Cogan, John J. and Donald O. Schneider, eds. PERSPECTIVES ON JAPAN: A GUIDE FOR TEACHERS. Washington, DC: National Council for the Social Studies, 1983. ED 236 090.
  • EAST MEETS WEST: MUTUAL IMAGES. Stanford, CA: California Center for Research in International Studies, l980. ED 196 765.
  • Kaderabeck, Leslie. THE JAPANESE AUTOMOBILE WORKER: A MICROCOSM OF JAPAN'S SUCCESS. 1985. ED 263 041.
  • Murphy, Carole. A STEP BY STEP GUIDE FOR PLANNING A JAPANESE CULTURAL FESTIVAL. 1983. ED 238 748.
  • Wojtan, Linda S. FREE RESOURCES FOR TEACHING ABOUT JAPAN. Bloomington, IN: Midwest Program for Teaching about Japan, Indiana University, 1986. ED 270 3891.

Rupa-rupa jejer[édit | édit sumber]

Tumbu kaluar[édit | édit sumber]

Resmi
Media
Pariwisata

Wikivoyage-Logo-v3-icon.svg   Tingali ogé Jepang di Wikivoyage

Sejenna
Panneau travaux.png Artikel ieu keur dikeureuyeuh, ditarjamahkeun tina basa Inggris.
Bantosanna diantos kanggo narjamahkeun.