Mauritius
- Pikeun kagunaan séjén tina Mauritius, tempo Mauritius (disambiguasi).
-
Artikel ieu lain ngeunaan Mauritania.
20°12′S 57°30′E / 20.2°S 57.5°E
Republik Moris République de Maurice Republic of Mauritius Républik Mauritius
|
||||||
---|---|---|---|---|---|---|
|
||||||
Motto "Stella Clavisque Maris Indici" "Star and Key of the Indian Ocean" |
||||||
Lagu "Motherland" |
||||||
Ibu kota (jeung kota panggedéna) |
Port Louis |
|||||
Basa resmi (Basa wewengkon) |
Basa Inggris[1][2] (Kréol Mauritius, Basa Perancis, Basa Inggris, Kréol Rodrigués) |
|||||
Démonim | Mauritian | |||||
Pamaréntah | Républik parleménter | |||||
- | Présidén | Sir Anerood Jugnauth | ||||
- | Perdana Mentri | Navinchandra Ramgoolam | ||||
Kamerdikaan | ti Britania Raya | |||||
- | Kaping | 12 Maret 1968 | ||||
- | Républik | 12 Maret 1992 | ||||
Aréa | ||||||
- | Total | 2.040 km² (ka-179) 787 mil² |
||||
- | Cai (%) | 0,05 | ||||
Populasi | ||||||
- | Perkiraan 2011 | 1.286.340[3] (ka-151) | ||||
- | Sénsus 2000 | 1.179.137 | ||||
- | Kapadetan | 630 /km² (ka-18) 1.636,5 /mil² |
||||
GDP (PPP) | Perkiraan 2011 | |||||
- | Total | $19,008 milyar[4] | ||||
- | Per kapita | $14.746[4] | ||||
GDP (nominal) | Perkiraan 2011 | |||||
- | Total | $10,299 milyar[4] | ||||
- | Per kapita | $7.989[4] | ||||
HDI (2010) | 0.701[5] (luhur) (ka-72) | |||||
Mata uang | Rupee Mauritius (MUR ) |
|||||
Zona wanci | MUT (UTC+4) | |||||
TLD Internét | .mu | |||||
Kode telepon | +230 |
Mauritius (Kréol Mauritius: Moris; Basa Inggris: Mauritius, Basa Prancis: Maurice, dilapalkeun: [mɔˈʁis]), resmina Républik Mauritius (Kréol Mauritius: Republik Moris; Basa Inggris: Republic of Mauritius, Basa Prancis: République de Maurice) nya éta hiji nagara kapuloan leupas basisir buana Afrika di beulah kidul-kulon Samudra Hindia, kira-kira 900 kilometres (560 mi) wétaneun Madagaskar. Salian ti pulo Mauritius, nagara ieu ngawengku kapuloan Cargados Carajos, Rodrigués, jeung Kapuloan Agalega. Pulo Mauritius mangrupa bagian ti Kapuloan Mascarene, bareng jeung koloni Perancis, Réunion, 200 km (120 mi) ka kidul-kulon jeung pulo Rodrigués 570 km (350 mi) ka kalér-wétan. Ibu kota nagara ieu nya éta Port Louis.
Inggris ngarebut kadali kana kapuloan ieu ti Perancis basa Perang Napoleon, jeung Mauritius merdika ti Britania Raya dina 1968. Nagara ieu mangrupa républik parleméntér jeung mangrupa anggota ti Komunitas Pamekaran Afrika Kidul, Pasar Umum pikeun Afrika Wétan jeung Kidul, Uni Afrika, La Francophonie, jeung Pasamakmuran Bangsa-Bangsa.
Basa utami nu dipaké di Mauritius nya éta Kréol Mauritius, Basa Perancis, jeung Basa Inggris. Basa Inggris mangrupa basa resmi sahiji-hijina tapi basa panghubung biasana Kréol Mauritius. Koran jeung program télévisi biasana dina Basa Perancis.[6] Kréol Rodrigués nya éta hiji basa minoritas jeung dipaké di sababaraha bagian nagara. Rahayat nagara ieu diwangun ku sababaraha étnis, kaasup India, Afrika, Tionghoa, jeung Perancis. Panjelajah Eropa kahiji nu datang ka pulo ieu teu manggihan padumuk pribumi di pulo ieu.
Pulo Mauritius katelah salaku sahiji-hijina tempat nu kawanoh salaku tempat aya manuk dodo. Manuk ieu mangrupa pangan nu gampang diala ku para padumuk lantaran teu bisa ngapung jeung beuratna. Jadi punah kirang ti 80 taun sanggeus panjajahan awal Éropa.
Distrik jeung depéndensi[édit | édit sumber]
- Pulo Mauritius dibagi kana 9 distrik:
- Black River (Ibu kota: Bambous)
- Flacq (Ibu kota: Centre de Flacq)
- Grand Port (Ibu kota: Mahébourg)
- Moka (Ibu kota: Quartier Militaire)
- Pamplemousses (Ibu kota: Triolet)
- Plaines Wilhems (Ibu kota: Rose-Hill)
- Port Louis (Ibu kota Mauritius)
- Rivière du Rempart (Ibu kota: Mapou)
- Savanne (Ibu kota: Souillac)
Depéndensi[édit | édit sumber]
- Rodrigués, hiji pulo 560 kilometres (350 mi) wétaneun Mauritius, nu miboga otonomi kawates dina Oktober 2002.[7][8] Wewengkon ieu miboga status salaku distrik adminstratif ka-10 Mauritius saméméh miboga otonomi.[9]
- Kapulon Agalega, 2 pulo 1100 km kaléreun Mauritius
- Cargados Carajos
Tempo ogé[édit | édit sumber]
Rujukan[édit | édit sumber]
- ↑ "Article 49 of The Constitution". National Assembly of Mauritius. Diakses pada 1 Nopémber 2011.
- ↑ "Republic of Mauritius, Government Portal (Mauritius)".
- ↑ Ministry of Finance & Economic Development (2011). "Population and Vital Statistics - Republic of Mauritius, January - June 2011".
- ↑ a b c d "Mauritius". International Monetary Fund. Diakses pada 16 Oktober 2011.
- ↑ "Human Development Report 2010". United Nations. 3 Séptémber 2010. Diakses pada 5 Nopémber 2010.
- ↑ "Coexistence International at Brandeis University" (PDF). Diakses pada 4 Juli 2010.
- ↑ "First Day Cover: Rodrigues Regional Assembly". The Mauritius Post Ltd. 12 Oktober 2004. Diakses pada 27 Juni 2007.
- ↑ "Rodrigues: achievements after three years of autonomy". Government of Mauritius. 25 Oktober 2005. Diakses pada 27 Juni 2007.
- ↑ "Facts about the land, people, history, government, political conditions, foreign relations of Mauritius. - Government and political conditions". Bureau of African Affairs. U.S Department of State. 1 Juni 2007. Diakses pada 22 Juni 2007.
Tumbu kaluar[édit | édit sumber]
Wikimedia Commons mibanda média séjénna nu patali jeung Mauritius . |
Tingali ogé Mauritius di Wikivoyage
- Atlas Mauritius Wikimedia, ngandung peta ngeunaan Mauritius.
|
|
Artikel ngeunaan géografi ti hiji nagara atawa wewengkon ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |
- Loka resmi teu aya dina Wikidata
- Daérah Indo-Arya
- Mauritius
- Nagara di Afrika
- Nagara Samudra Hindia
- Wewengkon nu maké basa Inggris
- Urut jajahan Britania
- Urut koloni Perancis
- Urut jajahan Walanda
- Nagara nu maké basa Perancis
- Nagara kapuloan
- Pulo di Mauritius
- Démokrasi liberal
- Anggota La Francophonie
- Anggota Uni Afrika
- Anggota Pasamakmuran Bangsa-Bangsa
- Anggota Pasarikatan Bangsa-Bangsa
- Républik
- Nu ngadeg taun 1968
- Gunung seuneu di Mauritius