Wikipedia:Wilujeng sumping

Ti Wikipédia, énsiklopédi bébas

Luncat ka: navigasi, sungsi

Wilujeng sumping di Wikipédia!

Wikipédia téh énsiklopédi nu disusun réréongan ku nu maracana. Lokana mangrupa wiki, nu hartina anjeun, atawa sing saha waé, bisa ngédit ampir sakabéh artikel ayeuna kénéh ku cara ngaklik tumbu édit nu aya dina punclut unggal kaca. Mangga lenyepan pangwanohna atanapi tutorialna. Di handap ogé didadarkeun sakilat ngeunaan sababaraha hal.

Daptar eusi

[édit] Nyungsi Wikipédia

Wikipédia ngandung informasi nu kalintang lobana dina sagala widang/subjék. Kanggo ningalan, mangga sumping ka Tepas, pilari subjek nu kira-kirana dipikaresep/narik, salajengna mah wilujeng ngalanglang baé. Tiasa ogé nganggo kotak pilari luhureun unggal kaca.

Mun anjeun manggih (maca maksud téh) artikel nu dipikaresep, dihaturan pisan kanggo masihan catetan atawa koméntar na kaca omongan artikel éta. Mimiti, pilih kaitan Sawalakeun kaca ieu (téang di beulah kéncaeun kaca) sangkan nepi ka kaca omong, teras pilih Édit kaca ieu na kaca omongan. Kacida bungahna mun kami meunang eupan pangrojong ti sadaya.

Mun aya nu teu kawengku, atawa anjeun manggih kasusah ngeunaan nu keur ditéang, mangga taroskeun di méja rujukan, atawa tambahkeun jejerna kana artikel pamundut.

[édit] Ngédit

Sing saha baé bisa ngédit eusi kaca Wikipédia (kaasup kaca ieu!). Mun sakirana aya nu perlu diropéa, klik baé kaitan Édit kaca ieu di luhureun atawa handapeun kacana. Anjeun teu perlu jadi anggota; asup l