Perserikatan Bangsa-Bangsa

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Luncat ka: pituduh, sungsi
Perserikatan Bangsa-Bangsa
United Nations
الأمم المتحدة
联合国
Organisation des Nations unies
Организация Объединённых Наций
Organización de las Naciones Unidas
Bandéra Perserikatan Bangsa-Bangsa Emblem Perserikatan Bangsa-Bangsa
Location of Perserikatan Bangsa-Bangsa
Peta nu nembongkeun daptar anggota Perserikatan Bangsa-Bangsa
Peta ieu teu ngawakilan sawangan PBB atawa anggota-anggotana ngeunaan status hukum hiji nagara ogé teu ngagambarkeun sacara akurat pamaréntahan anu boga wawakil di PBB.
Markas Gedé Wewengkon International di New York City
Bahasa resmi Arab, Inggris, Tionghoa, Perancis, Rusia, Spanyol.
Kaanggotaan 193 anggota
Pupuhu
 -  Sékrétaris Jénderal Flag of South Korea.svg Ban Ki-moon
 -  Députi Sékrétaris Jénderal Flag of Sweden.svg Jan Eliasson
 -  Présidén Majelis Umum Flag of Serbia.svg Vuk Jeremić
 -  Présidén Déwan Keamanan Flag of Germany.svg Peter Wittig
Ngadeg
 -  Penandatanganan Piagam PBB 26 Juni 1945 
 -  Penerapan Piagam 24 Oktober 1945 
Ramatloka
UN.org

Perserikatan Bangsa-Bangsa atawa disingget PBB (basa Inggris: United Nations atawa PBB) nya éta organisasi tingkat internasional anu anggotana ampir sakabéh nagara di sakuliah dunya.[1] Organisasi ieu dijieun pikeun méré fasilitas dina hukum internasional, kaamanan internasional, kamekaran ékonomi, payung sosial, hak asasi jeung katingtriman dunya.[1]

Perserikatan Bangsa-bangsa diadegkeun di San Fransisco tanggal 24 Oktober 1945 sanggeus Konferénsi Dumbarton Oaks di Washington DC nepi ka Juni 2006 geus 192 disebutkeun resmi asup ka organisasi ieu.[1]

Organ Utama PBB[édit | édit sumber]

Organ utama PBB nya éta:

  1. Sidang Umum,
  2. Déwan Kaamanan,
  3. Déwan Ékonomi jeung Sosial,
  4. Sékrétariat,
  5. Pengadilan Kaadilan Internasional.[2]

Sékrétaris Jenderal[édit | édit sumber]

Perserikatan Bangsa-bangsa dipupuhuan ku saurang Sékrétaris Jénderal (Sékjén).[1] Sékrétaris Jénderal ayeuna nya éta Ban Ki-moon (Korea Kidul), mimiti ngajabat tanggal 1 Januari 2007 nepi ka ayeuna. Riwayat Sékretaris Jénderal baris ditataan sakumaha di handap ieu:[1]

No Ngaran Periode Jabatan Asal Nagara
1 Sir Galdwyn Jebb 24 Oktober 1945 - 2 Fébruari 1946 Flag of England.svg Inggris
2 Trygve Halvdan Lie 2 Fébruari 1946 - 10 Novémber 1952 Flag of Norway, state.svg Norwégia
3 Dag Hammarskjöld 10 April 1953 - 18 Séptémber 1961 Flag of Sweden.svg Swédia
4 U Thant 30 Nopémber 1961 - 31 Désémber 1971 Flag of Myanmar.svg Myanmar
5 Kurt Waldheim 1 Januari 1972 - 31 Désémber 1981 Flag of Austria (state).svg Austria
6 Javier Pérez de Cuéllar 1 Januari 1982 - 31 Désémber 1991 Flag of Peru (state).svg Péru
7 Boutros Boutros-Ghali 1 Januari 1991 - 31 Désémber 1996 Flag of Egypt (variant).png Mesir
8 Kofi Annan 1 Januari 1997 - 31 Désémber 2006 Flag of Ghana.png Ghana

Déwan Kaamanan[édit | édit sumber]

Déwan Kaamanan boga tugas pikeun ngajaga katingtriman sarta kaamanan antar nagara.[1] Déwan Kaamanan boga kakuatan pikeun nyieun kaputusan anu ngabeungkeut yén pamaréntah nagara anggota geus sepakat pikeung ngalaksanakeun, numutkeun katangtuan Piagem Pasa 25.[1] Kaputusan Déwan dipikawanoh ku Résolusi Déwan Kaamanan PBB.[1]

Panglawungan munggaran Déwan Kaamanan PBB nya éta di Church House, London 17 Januari 1946 jeung mutuskeun yén anggota tetap Déwan Kaamanan nya éta; Tiongkok, Perancis, Rusia, Inggris jeung Amerika.[1] Ditambah anggota teu tetap ayeuna nya éta Bosnia jeung Herzegovina, Brasil, Kolombia, Gabon, Jepang, Jerman,India, Lebanon, Nigeria, Portugal, sarta Afrika Selatan.[1] Lima anggota tetap boga hak resolusi substantif tapi teu prosedural anu disebut hak Véto.[1] Lima anggota éta diijinan pikeun boga sanjata nuklir di handap Perjanjian Non-Poliferasi Nuklir.[1] Sedengkeun sapuluh kursi Déwan Kaamanan teu tetap bakal diganti dua tahun sakali dipilih ku Majelis Umum sacara régional sarta Présidén Déwan Kaamanan diganti saluyu jeung abjad unggal bulana.[1]

Lembaga PBB[édit | édit sumber]

Iwal ti fungsi utama PBB, unggal organ utama PBB boga hak pikeun nyieun lembaga husus dihandapeuna. Sababaraha nu kacatet baris ditataan dina tabél ieu di handap:[3]

No. Akronim Bendera Lembaga Pusat Kepala Berdiri
1 FAO
FAO logo.svg
Organisasi Pangan dan Pertanian Italia Roma, Italia Brasil José Graziano da Silva 1945
2 IAEA
Flag of IAEA.svg
Badan Tenaga Atom Internasional Austria Wina, Austria Jepang Yukiya Amano 1957
3 ICAO
Flag of ICAO.svg
Organisasi Penerbangan Sipil Internasional Montreal, Kanada Raymond Benjamin 1947
4 IFAD Dana Internasional untuk Pengembangan Pertanian Italia Roma, Italia Nigeria Kanayo F. Nwanze 1977
5 ILO
Flag of ILO.svg
Organisasi Buruh Internasional Jenewa, Swiss Guy Ryder 1946 (1919)
6 IMO
Flag of the International Maritime Organization.svg
Organisasi Maritim Internasional London, Britania Raya Jepang Koji Sekimizu 1948
7 IMF Dana Moneter Internasional Washington, D.C., AS Perancis Christine Lagarde 1945 (1944)
8 ITU Uni Telekomunikasi Internasional Jenewa, Swiss Hamadoun Touré 1947 (1865)
9 UNESCO
Flag of UNESCO.svg
Organisasi Pendidikan, Keilmuan, dan Kebudayaan PBB Perancis Paris, Perancis Bulgaria Irina Bokova 1946
10 UNIDO Organisasi Pengembangan Industri Perserikatan Bangsa-Bangsa Austria Wina, Austria Sierra Leone Kandeh Yumkella 1967
11 UNWTO Organisasi Pariwisata Dunia Spanyol Madrid, Spanyol Yordania Taleb Rifai 1974
12 UPU
Flag of UPU.svg
Kesatuan Pos Sedunia Bern, Swiss Perancis Edouard Dayan 1947 (1874)
13 WB
World Bank logo.svg
Bank Dunia Washington, D.C., AS Jim Yong Kim 1945 (1944)
14 WFP Program Pangan Dunia Italia Roma, Italia Ertharin Cousin 1963
15 WHO
Flag of WHO.svg
Organisasi Kesehatan Dunia Jenewa, Swiss Hong Kong Margaret Chan 1948
16 WIPO Organisasi Hak atas Kekayaan Intelektual Dunia Jenewa, Swiss Australia Francis Gurry 1974
17 WMO
Flag of the World Meteorological Organization.svg
Organisasi Meteorologi Dunia Jenewa, Swiss Rusia Alexander Bedritsky 1950 (1873)

Rujukan[édit | édit sumber]

  1. a b c d e f g h i j k l m Waranurastuti, Venti. 2013. RIPUT Indonésia-Dunia. Jakarta: Dunia Cerdas
  2. Bakir, R Suyoto & Sujanto. 2008. RPUL Indonesia-Dunia. Jakarta: Karisma
  3. [United Nations] (diaksés tanggal 13 Oktober 2014)